Contoh Artikel Bahasa Sunda Berbagai Tema yang Menarik

Bagi kamu yang sedang mencari artikel bahasa sunda kamu bisa banget simak artikel ini sampai selesai tim Mustakim Media akan menyediakan berbagai contoh artikel bahasa sunda yang singkat dengan berbagai tema.

Kamu bisa mempelajari cara penulisannya juga simak artikel ini sampai akhir di bawah ini ya!

Contoh Artikel Bahasa Sunda

Contoh Artikel Bahasa Sunda

Berikut beberapa contoh artikel bahasa sunda berbagai tema dan singkat yang bisa di jadikan contoh, yaitu.

1. Contoh Artikel Bahasa Sunda 1

Atikan Kasenia di Sakola

Anu pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé. Naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan di unggal SD?

Puguh baé tujuanna nyaéta lain pikeun ngajadikeun siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing géto aya diantarana anu jadi saniman éta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama ngayakeunana atikan kasenian di sakola.

Ku sabab siswa SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif.

Pentingna atikan kesenian di sakola téh aya dina PP No. 19 taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya).

Seni jeung budaya ieu pisan anu perlu ditepakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh anu kadituna mikacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan hususna di tatar sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya sunda.

Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang sunda sorangan henteu mikawanoh kana budaya sorangan.

2. Contoh Artikel Bahasa Sunda 2

Maké Kacamata Hideung

Maké kacamata hideung lain saukur gagayaan hungkul. Lain ukur kulit anu dilindungan tina éfék panon poé teh. Tapi panon ogé kudu.

Panon anu kacida loba kakeunaan sorot panon poé bisa ngakibatkeun panyakit katarak mata, atawa generasi nakula, kornea jeung bisa kanker mata oge.

Kusabab kitu, urang bisa ngakalanan nyaéta ku cara maké kacamata hidenung pikeun nanggulangan tina sorot panon poéanu ngandung sinar UVA jeung UVB.

3. Contoh Artikel Bahasa Sunda 3

Ulah Lila Teuing Neteup Layar Eléktronik

Neteup layar éléktronik sajabaning laptop, komputer atawa HP lila teunging bisa ngaruksak kana panon jeung bisa ngajadikan panon téréh cape. Cirinamah bosa mangrupa nyeri sirah, cangkeul beheung, nyeri punduk jeung tonggong.

Panon asa karasa peurih, garing jeung kaku, hésé pokus lamu nempo kajauhan, sarta tetenjoan jadi kabur.

Lamu urang gawé di hareup komputer sapanjang poé, usahakeun di unggal 20 menit sakali robah tetempoan panon sajauh 6 meter salila 20 detik. Keur ngurangan kategangan tina urat panon.

Atawa bisa ogé ngarineuhkeun mata salila 15 menit unggal 2 jam sakali. Lamun, panon geus karasa kaku kudu mineung ngiceupkeun panon.

4. Contoh Artikel Bahasa Sunda 4

Kadaharan Nu Bergizi Penting

Urang geus wanoh lamun aya sababaraha hiji kahadaran anu ngandung gizi réa jeung alus pisan kana awak urang. Panalungting nunjukeun yén kadaharan nu séhat nu ngabogaan rupa-rupa nutrisi saperti vitamin A, C jeung E.

Ngandung leutin, selenium, asam omega-3 jeung nu sejena. Bisa ngabantu naggulangan kana masalah panon anu katarak jeung degenerasi makula.

Rupa-rupa nutrisi anu disebutkeun bisa dibeunangkeun tina ngopi sayuran héjo, salmon, lauk endog, jeung kacang-kacangan sarta jeruk.

5. Contoh Artikel Bahasa Sunda 5

Gugusi Geutihan

Anu mineng kajadian ogé nyaéta anu nyebabkeun gugusi nyeri sapertos sababaraha kasus katukang nyaeta pendarahan.

Ieu biasana kajadian nalika urang nginum kaemaman anu kasar jeung heuras, alesan pikeun ieu nyaéta gugusi anu tiasa janten jengkel sareng pendarahan.

Kusabab nganggo kawat urang huntu urang adaptasi sareung parobihan warna. Kadang-kadang, mereun aya corétan kusabab geseka disababkeung ku kawat di jero huntu.

6. Contoh Artikel Bahasa Sunda 6

Panyakit Malaria

Di daerah tropis, malaria téh kaasup panyakit anu nyebarna gancang pisan sarta temarepna sakaligus. Ku lantaran kitu ieu panyakit téh jadi ancaman anu teu bisa di apilainkeun.

Ceuk hasil panalungtikan Departemen Kesehatan, anu maraot ku panyakit malaria téh di daerah tropis leuwih ti sajuta jalma di saban tauna.

Ari anu nyababkeun diantarana nyaéta ruksakna lingkungan alam, umpamana baé leuweung anu digunasika jeung ranca di wewengkon basisir atawa tambak anu teu kaurus.

Panyakit malaria téh dilantarankeun ku reungit tina spesies Anoppheles sundaicus anu hirupna di sawah ayeuan aya deui rengit gunung Anopheles balabacensis jeung reungit leuweung Anopheles maculatus.

Reungit-reungit eta leuwih ganas nyocona, tapi deuih daya tahanna leuwih kuat pikeun nyegahna kudu aya insektisida anyar anu leuwih ampuh.

7. Contoh Artikel Bahasa Sunda 7

Tradisi Nyunatan di Sunda

Di tatar sunda aya acara nyunatan geus jjadi budaya anu diayakeun di saban wewengkon. Umpamana aya kulawarga anu miboga anak lalaki sarta geus umur genep taun.

Budak lalaki anu geus manjing umurna kudu di sunatan sabab wajib hukumna munggung ceuk agama islam ilaharna umurna ti 6-8 tahun.

Prak-prakan hajat nyunatan di Bogor jadi teu bedana jeung wewengkon sejen. Sok di reuah-reuah hajatan keur anu mampuh ngayakeunana. Bari nabeuh kasenian sunda sabangsaning kuda lumping, singa depo jeung kuda renggong.

Terus si budak di taékeun kana sisingaan jeung di arak mapay jalan kampung jeung eta budak teh loba padah nyeceup ku para tatangga jeung dulur nu haladir dina éta acara hajatan.

Akhir Kata

Demikian penjelasan mengenai beberapa contoh artikel bahasa sunda yang bisa menjadi rekomendasi singkat dan berbagai tema.

Suka membaca novel dan dunia literasi. Menuangkan ke dalam tulisan agar banyak orang yang tahu apa yang aku baca hari ini.

Artikel Menarik Lainnya: