Artikel bahasa sunda singkat tentang kebersihan lingkungan ini bisa di jadikan sebagai contoh atrikel bagi kalian yang sedang mencari reperensi artikel bahasa sunda.
Dalam artikel ini di terapkan dua bahasa sunda yaitu bahasa sunda lemes dan bahasa sunda loma atau bahasa sunda yang di gunakan saat beraktifitas sehari-hari.
contoh-contoh berikut merupakan artikel singkat mengenai kebersihan lingkungan yang cukup lengkap. Kamu bisa pilih salah satunya sebagai contoh. Yuk simak!
Berikut ini adalah merupakan contoh artikel bahasa sunda singkat tentang kebersihan lingkungan, diantaranya yaitu:
Upami di tinggal salangkung mah sapertosnamah teu aya patalina antawis kabersihan lingkungan di kelas sareng sumanget diajar.
Padahal mah, salereusna éta téh pakuat pakait pisan. Ayeuna cobi bayangkeun geura, raos mana urang calik di kelas anu bala atanapi kelas anu resik?
Di kelas anu barala tara di sapuan, keubul pinuh dina luhur meja. Dindingna pinuh ku sayang lancah. Urang moal beutah ameng kitu deui ogé upami bade di ajar tinangtos jarijipen.
Calik waé teu raos badé jongjon kumaha upami badé di ajar? Tétéla atuh gening kaayaan lingkungan sakola téh mangaruhan kana sumanget di ajar.
Salaku siswa urang kedah sasarengan nyiptakeun lingkungan kelas anu beresih sareng merenah supados betah sareng sumanget diajar.
Upami di ajarna sumanget, kana préstasina ogé tangtos bakal ningkat. Nah, éta téh mangrupa kasempetan kanggo ngahontal cita-cita langkung ageung margi urangna berprestasi.
Ari anu ngagaduhan tanggung waler ngajagi kabersihan lingkungan sakola téh saha? Nyaéta urang sadayana salaku warga sakola. Urang sadayana kedah ngagaduhan kasadaran pikeun kabersihan lingkungan sakola.
Kabersihan lingkungan sakola téh kedah di jaga. Ulah ngan saukur mun di piwarang wungkul ku guru. Margi kaayaan lingkungan anu beresih tangtos ngahindarkeun tina mengrupi-rupi panyawat.
Janten, kabersihan di lingkungan sakola teh wajib di jaga ku urang sadayana. Apan kebersihan teh sabagian tina iman. Ku ayana lingkungan anu beresih tangtos tiasa ngabantu urang sadayan kahindar tina sagala panyawat.
Atos sueur pisan sagala macem panyawat anu di sababkeun ku teu apikna ngajagi lingkungan. Kalakuan anu sakirana ngaruksan atanapi ngotoran lingkungan kedah urang carék.
Sabab, mun teu ku urang ku saha deui? Margi ieu lingkungan sakolah téh lingkungan anu tanggung waler urang saréréa.
Ti saprak di ayakeun kagiatan jumsih (Jumaah beberesih). Kaayaan lingkungan di lembur kuring ayeuna jadi bereusih matak pikabetaheun.
Jalan-jalan lalebing, heuleut sapuluh métér ngajajar wadah runtah anu di pulas ku cét konéng.
Jukut anu ngabalaan geus séép di koréd. Kakayon anu ngaroyom geus di bukbak. Kalakay anu unggal sore aya wae geus di sapuan beresih leuning ku barudak unggal sore sapulang ti masigit.
Méméh asup ka jero lembur aya gapura anu di tulisan “Wilujeng Sumping di Kampung Resik”.
Pakarangan warga dipalageur ku awi anu di cét warna warni matak endah katenjona. Di satukangeun pageur aya pot keumbang ngajalalajar anu di pelakan sabangsaning tomat, saledri jeung bawang daun.
Di juru pager ogé katempo aya dua wadah runtah anu cét koneng jeung cét biru. Anu cét konéng jang runtah organik anu cét biru jang wadah runtah anorganik.
Sok sanajan buruana masih keneh ku taneh. Tapi bararesih teu katembong runtah hiji-hiji acan.
Pancuran cur cor, caina hérang ngagengclang. Lauk emas beureum di balong patinggareboy, jaér pating sérépét, nilem anteng ngagereyeum.
Sakalieun aya semah tinu jauh moal euweuh sodorkeuneun. Da puguh sagala nyampak di buruan.
Wargana hirup rukun sauyunan jauh tina pacéngkadan. Ceuk paribasa téa mah kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, tara pagiri-giri calik pagirang-girang tampian.
Subur makmur loh jinawi, tata tengtrem kerta raharja téh lain ukur carita. Di leumbur Desa Resik mah éta téh nyata.
Panyakit anu datangna tina jentik reungit téh di sababkeun kurang résikna ngajaga lingkungan pikeun beberesih. Solokan anu kotor, cai loba anu nguyumbang di buruan.
Éta téh mangrupa salah sahiji sabab pangakit datang. Reungit resepeun pisan ka tempat anu loba ngaguntang-gantung baju seuseuhan, sampah anu teu di turuban jeung cai anu teu di turuban.
2 minggu ka tukang si Asep budakna ceu Milah di bawa ka Rumah Sakit. Ku sabab cenah panas teu turun-turun. Ceuk bejana ceunah si Asep téh ka kenaan ku DBD (Demam Berdarah).
Saminggu lilana si Asep di rawat di Rumah Sakit. Ceuk dokter ieu panyakit teh di sababkeun ku sato leutik anu sok nyeudot geutih anu nagndung jaram panyakit. Anu ngajadikeun jelema hareeung jeung lalungse.
Ku sabab kitu penting pisan urang saréréa ngajaga kabersihan utamina beberesih ngajaga ameh euweuh rengit di imah. Ku cara anu tos di jelaskeun tadi di luhur.
Kabersihan di Lingkungan Sakola téh kudu di jaga ku sakumna warga sakola. Anu kudu tanggung jawab kana kebersihan sakola téh lain bujang sakola waé, tapi murid-murid ogé kudu milu ngajagana.
Dina pada ngedulna teu daék bébéresih na ogé kudu milu ngajagana ku cara ulah miceun rumtah kamana waé.
Ku akal gé tangtu kaharti pisan, rék aya runtah ti mana lamun euweuh nu ngabala? Kajaba runtah alam kawas kalakay atawa jukut.
Lingkungan sakola anu beresih jeung rapih téh bisa mawa betah kana di ajar jeung jauh tina pipanyakiteun.
Ngajaga lingkungan sakola anu sakitu legana bisa ku sorangan, tapi kudu gotong royong saréréa. Urang perlu silih ingeutan supaya runtah urut jajan teu di piceun kamana lungna.
Hanya seorang Blogger enthusiasm dan penikmat kopi saja. Suka berbagi pengetahuan kecil & bercita-cita jadi pengusaha media.