Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesehatan [Lengkap]

Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesehatan

Artikel bahasa Sunda tentang kesehatan ini berisi mengenai informasi serta ajakan untuk berperilaku bersih dan sehat. Dalam menulis artikel tentang kesehatan ini kita memerlukan beberapa sumber sebagai referensi.

Ada beberapa contoh kurang lebih ada 5 contoh artikel dengan bahasa sunda dengan tema kesehatan. Semoga artikel ini dapat di jadikan sebagai contoh referensi bagi kamu.

Yang sedang mencari artikel bahasa sunda dengan tema yang sama.
Simak terus artikel ini sampai selesai agar kamu mengetahui semua informasi menarik mengenai artikel sunda ini.

Kumpulan Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kesehatan

Berikut di bawah ini beberapa contoh artikel bahasa sunda tentang kesehatan, diantaranya adalah:

1. Ngajaga Kasehatan Mata

Urang sadayana tangtos terang mata téh mangrupakeun salah sahiji indera nu paling penting keur manusa. Ngajaga kaséhatan mata bisa ngahindarkeun urang tina résiko panyakit mata.

Kumaha carana ngajaga mata ameh terus séhat?

Kahiji, éta mata kudu rutin di pariksa ka dokter mata saheunteuna dua tahun sakali. Malahan jalma anu umurna 40 tahun kaluhur di anjurkeun mariksa kaséhatan mata unggal sataun sakali.

Kadua, ngonsumsi kadaharan anu bergizi anu ngabogaan sumber nutrisi jiga vitamin A, C jeun E, zinc, lutein, selenium jeung lemak omega 3.

Ieu Vitamin bisa di beunangkeun tina sayuran héjo, salmon, lauk, eundog, kacang-kangan jeung bung-buahan.

Katilu, ulah lila teuing neuteup layar éléktronik. Contona ningali Hp, ningali Laptop atau TV lila teuing.

Kaopat, ulang ngaroko. Sabab nagroko bisa ningkatkeun resiko panyakit katarak, degenerasi makula jeung karuksakan saraf optik nu bisa nyebabkeun kabutaan sarta ngaruksan retina,

Kalima, rajin olah raga. Panalungtikan ngungkabkeun yén olah raga bisa ngurangan tina résiko leungitna tetempoan, ku akibat tekanan darah tinggi, diabetes, sarta kadar kolestrol nu luhur.

Tah éta sababaraha cara ngajaga mata ameh tetep sehat.

2. Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda

Urang sunda geus tibaheula wawuh jeung seureuh. Seureuh téh aya rupa-rupa nyaéta seureuh jawa rupana hideung sarta leuwih lada, seureuh anu leuwih beureum uratna ngarana tikuhur jeung seureuh nu hejo uratna.

Seureuh bisa dimanfaatkeun atahna, ogé bisa di olah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheut, bisa dibalurkeun ku minyak seureuh campur apu saeutik tuluy taplokeun dinu raheut.

Pikeum ubar nyeuri panon, seureuhna sabada di kumbah beresih tuluy di gélang di tinyuh ku cai atah. Eta cai seuereuh bisa di paké meresihan panon anu nyeri.

Pikeun ubar batuk daun seureuhna di golakeun sing jadi rada saat tina dua geulas jadi sageulas. Salain ti eta seureuh oge bisa ngubaran anu baham. Baheula mah seureuh sok di paké nyeupah.

Matak anu nyeupah huntuna sok kararuat jeung seuseug di jieun odol alami, jeung osok di pake kekemu ameh ngahindarkeun tina bau baham.

Seureuh loba pisan manfaatna jang kaséhatan urang saréréa.

3. Ameh Hirup Sehat

Aya sababaraha cara sangkan hirup urang jadi sehat. Urang kudu miara diri ku pola hirup anu sehat. Diantarana sangkan hirup jadi sehat nyaéta:

• Hurup Berséka

Lamun urang hirup berséka urang bakal di jauhkeun tina sagala panyakit. Tina mimiti panyakit budug, hapur jeung sajabana. Tapi, lamun hirup berséka minimal mandi dua kali sapoé bakal di jauhkeun tina panyakit.

• Nginum cai hérang

Awak urang téh ngandung cai 70 % matakna ti kitu urang ulah kakurangan cairan dina awak. Sabab lamun kakurangan cairan dina awak bakal ngaganggu kana konsentrasi jeung metabolisme.


• Tuangeun Anu bergizi

Salain ti kudu loba nginum cai herang urang ogé kudu méré asupan ka awak urang anu ngandung gizi. Diantarana buah-buahan na kudu aya, protein na kudu aya somawona sayur jeung kacang-kacangan tong hilap di sanguan.


• Saré nu cukup

Terus salain tuangeun anu bergizi istirahat ogé urang téh kudu cukup. Hartina ulah lila teuing dan bakal jadi balideug tong sakedeung teuing atawa begadang. Éta téh goréng jang kaséhatan awak.


• Olah raga

Tah ieu nu penting ntong poho kudu di bareungan olah raga. Ngarah kaluar késang minimal 15 menit sapoé, naha dék leumpang atau bari migawé pagawéan rumah tangga.

• Kudu ulin

Ieu anu panungtung jeung teu éléh penting jeung nu séjena nyaeta kudu ulin.bisa di jadwalkeun atuh sabulan sakali mah ulin. Améh otak teu stres jeung murukusunu waé.

4. Pentingna Dahar Isuk-Isuk

Dahar isuk-isuk kadangan sok di popohokeun ku lantaran tara biasa jeung loba aleusana. Contona baé ku sabab teu kaburu ka sakola, kaburu gawe jeung lain sajabana.

Padahalmah dahar isuk-isuk téh ngabogaan manfaat anu alus pikeun kaséhatan diri urang. Jeung éta téh penting kudu di lakonan jang bekeul ngalakukeun kagiatan sapopoé.

Nu mana lamun awak teu dahar isuk-isuk, awak bisa jadi kakurangan asupan tanaga sabot ngalakukeun aktivitas sapopoé.

Akibatna awak urang kakurangan tanaga di pabeubeurang. Jeung sok aya nu jadi salatri sing ngeleuleuper, jeung perih peuji, késang badag ti saawak-awak. Téténjoan asa buricak burinong éta kalaparan atawa salatri.

Jadi weh pagawéan anu di pigawé téh teu maksimal ku lantaran leleus jeung sajabana. Tapi, ingeut dahar kudu samahina baé, ulah loba teuing bisi nundutan ké di tempat gawé atawa sakola.

5. Kuramas Saminggu 3 kali

Sadayana jalmi ogé tos terang lamun kuramas bakal ngajaga mastaka urang tina sagala panyakit. Contona tina kutu, kotombe jeung sajabana éta panyakit anu aya dina mastaka.

Kuramas kudu ngabiasakeun maké sampo ameh beresih jeung seungit. Kuramas alus na mah dilakukeun saminggu 3 kali. Lamun, anu olah raga berat bijil kesang timana-mana bisa unggal poé ogé.

Sabab késang anu di mastaka mah sok neretelan kana bantal jeung sajabana matak kudu di jaga kaséhatan mastaka téh ameh teu ka kenaan ku panyakit-panyakit di luhur tadi.

Pengertian Artikel Adalah

Pengertian Artikel Adalah? Ini Jenis, Ciri, Sifat & Contohnya

Pengertian artikel adalah? Secara definisi artikel dapat di artikan sebagai sebuah tulisan berupa fakta, opini, gagasan, kritik ataupun berupa saran yang ditujukan pada objek atau pihak tertentu. Namun para ahli memiliki pandangan dan pendapat lain yang berbeda. Walau begitu, pada intinya semua pendapat memiliki kesamaan. Di artikel ini sudah saya tuliskan secara lengkap definisi artikel […]
Tips Memilih Souvernir untuk Keperluan Branding dan Promosi

Tips Memilih Souvernir untuk Keperluan Branding dan Promosi

Dalammengembangkan suatu brand perusahaan agar semakin dikenal masyarakat luas diperlukan upaya promosi yang baik dan tepat sasaran. Saat ini berbagai bentuk promosi banyak dilakukan oleh perusahaan berkembang. Namun yang perlu diperhatikan adalah efektivitas dan efisiensi bentuk promosi tersebut. Apakah barang-barang yang mudah dicerna oleh masyarakat dan barang-barang promosi dapat bermanfaat untuk keperluan sehari-hari? Pemilihan souvenir […]

Suka membaca novel dan dunia literasi. Menuangkan ke dalam tulisan agar banyak orang yang tahu apa yang aku baca hari ini.

Artikel Menarik Lainnya: