Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan [Lengkap]

Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan

Artikel Bahasa Sunda tentang kebudayaan ini akan memberikan informasi tentang kebudayaan khususnya tentang kebudayaan urang sunda.

1 Promo 3

Diantaranya ada wisata budaya di daerah sunda, wayang golek dan lain sebagainya.

Ada 5 artikel yang bisa kamu baca di contoh artikel di bawah berikut ini. Baca sampai selesai ya. Agar kamu semakin paham kebudayaan dari kita urang sunda.

5 Contoh Artikel Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan

Dan ini dia beberapa contoh artikel bahasa sunda tentang kebudayaan. Ada lima contoh diantaranya adalah:

1. Wisata Budaya Tasik Malaya

Kampung Naga téh perenahna di Desa Neglasari kecamatan Selawu, Tasikmalaya. Liliwatan jalan Tasik-Garut.

Jumlah imah di kampung ieu aya 108 suhunan kaasup masjid jeung bumi ageung. Ceuk katerangan Ki Ateng salaku kuncen didinya jumlah imah sakitu teh lain pedah euweuh lahan.

1 Promo 3

Tapi ku sabab budaya imahna anu manjang ti kulon ka wetan jeung masih keneh kentengna ku eurih campur injuk. Jeung sisina masih ku bilik. Kabeh imah kitu sarua sabab warga kampung Naga hayang miara budaya adat karuhuna.

Salian ti miara adat warga kampung Naga ogé pohara ngajaga kasehatanan matak rareusik buruanna. Salain ti éta di kampung Naga aya leuweung larangan ieu leuweung di jaga ku saréréa ngarah teu ruksak.

Ieu leweung perenahna di tonggoheun walungan Ciwulan, legana welasan hektar. Lamun, leuweung tetep di piara minangka sumber cai. Sumber cai moal saat sarta moal banjir dina waktu hujan.

2. Seni Budaya Wayang Golek

Wayang Golek nyaeta salah sahiji kasenian urang sunda anu populer. Komo saenggeus di siarkeun na radio jeung televisi. Di kota boh di paleumburan lamun aya nu hajat osok nanggap wayang golek.

1 Promo 3

Atuh tokoh-tokoh dina pawayangana apan geus pada mikawanoh ku masyarakat urang umpamana baé si Gatot Gaca Bima, Semar, Cepot jeung sajabana.

Wayang golek téh hiji pageularan anu mangrupa gabunagan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan), seni swara (sindén) jeung tari (gurak gerik wayang).

Salian ti bisa ngigeulkeun wayang dalang kudu bisa nyieun carita anu pinuh ku amanat atawa pesan kahadéan. Ku sabab wayang bisa di lalajoan ti mimita budak, ramaja jeung kolot.

Salaku urang sunda geus sakuduna ngamumule budaya wayang golek sakurang-kurang urang kudu wanoh jeung mikareseup kasenian wayang golek.

1 Promo 3

3. Ngamumule Budaya Penca

Di masyarakat sunda dipikawanoh rupa-rupa penca aya cimandé, cikalong, timbangan, séra jeung Sahbandar. Kiwari penca ti dipikareseup ku urang sunda hungkul.

Tapi, geus di pikawanoh jeung dipikareuseup ku bangsa deungeun, malah geus nyebar ka sakulian dunya.

Paguron penca dug-deg di saban nagara sabangsaning Autralia, Walanda, jérman, Amerika jeung nagara séjena.

Unsur seni bisa katiténan tina gerakan-gerakanana, lalaguan pamirigna, jeung cara ngamaénkeuna.

1 Promo 3

Tah, dina palsapahna mah jalma anu ngabogaan jeung nyuprih élmu penca kudu boga sifat jujur, handap asor, jauh tina sipat sombong jeung asa aing pangunggulna.

Kudu ngabogaan sifat nyaah ka sasama deuih, utamana ka jalma séjén, tapi sabalikna keur ngajaga diri sorangan jeung nulungan nu lian.

4. Budaya Kawinan Urang Sunda

Urang sunda tara poho kana budaya daérah na jeung adat kabiasaannana. Paripolah teh salawasna di dasaran ku adat anu geus maneuh. Apa aya paribasa urang sunda mah tara lali ka purwadaksi.

Maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus di wariskeun ka karuhun.

1 Promo 3

Salah sahiji tradisi budaya anu di piara nepi ka ayeuna nyaeta acara kawinan. Urang sunda lamun ngawinkeun anak tara padu gapruk kitu baé. Tapi aya prak-prakan luyu jeung kailaharanan.

Jauh samemeh der upacara kawinan, sok aya acara lamaran heula. Ti dinya tuluy seserahan di pungkas ku akad nikah.

Dina waktu anu geus paheut di tangtukeun tea kakara di tuluykeun kana acara seserahan jeung akad. Di tuluykeun ku sungkeum geus kitu tuluy di diukeun dina panyaweran.

Samemeh di sawerkeun sok aya acara buka pintu aya anu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang jeung pituah. Tah geus éta pangantén lalaki menta idin rek asup ka kamar panganten awéwé.

1 Promo 3

5. Nyawah Di Sunda

Nyawah ngawuluku urang sunda nu padumukan di paleumburan pasti pakasabana kana tatanén. Ari tatanén anu poko nyaéta melak paré atawa nyawah.

Baheula mah ilaharna ngahuma, nyaéta melak paré di lamping atawa di pasir ku cara di aseuk. Ayeuna mah geus langka malah mah geus tara katingali deui.

Prak-prakan nyawah teu ngawengku sababaraha tahap. Pagawéan anu munggaran ngabaladah, nyaéta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan.

1 Promo 3

Tuluy di pacul réngsé macul di wuluku, nyaéta ngancurkeun taneuh maké parabot wuluku atawa singkal.

Samemeh macul patani sok nyadiakeun bini paré heula melakeun paré gabar di sebutna tebar. Saenggeus ngawuluku tuluy ngangler nyaéta ngararata taneuh.

Tuluy tanur melakeun paré ké geus sabulan jaradi jukut nu lian di cabutan tuluy dibebeskeun jukutna éta di sebut ngarambét.

Nu jadi ramé engké lamun geus gedé paré atawa tereh di buat. Barudak sing éak-ékan ngebahan manuk di sawah di sebutna tunggu paré. Di sawah pakuranteng ku tali anu rambai baju bubutan atau palastik urut teu kapaké.

Geus waktuna panén sok aya béas anyar sukuran anu aya tantang angin, jeung tumpeng teu poho leumpah bereum jeung leumpah bodas jang ngedalkeun rasa syukur kanu maha kawasa.

Hanya seorang Blogger enthusiasm dan penikmat kopi saja. Suka berbagi pengetahuan kecil & bercita-cita jadi pengusaha media.

You might also like

Portal Informasi Buku, Novel, Cerita dan Soal-Soal Pelajaran

Menu